Surah Al-`Adiyat
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالْعٰدِيٰتِ ضَبْحًاۙ١
Wal-‘ādiyāti ḍabḥā(n).
[1]
Demi kuda perang nu lumpat gancang (tur) ngahégak,
فَالْمُوْرِيٰتِ قَدْحًاۙ٢
Fal-mūriyāti qadḥā(n).
[2]
kuda anu ting burinyay seuneu (ku sabab paketrok kuku sukuna),
فَالْمُغِيْرٰتِ صُبْحًاۙ٣
Fal-mugīrāti ṣubḥā(n).
[3]
jeung kuda anu (ujug-ujug) narajang dina wanci subuh,
فَاَثَرْنَ بِهٖ نَقْعًاۙ٤
Fa'aṡarna bihī naq‘ā(n).
[4]
nepi ka ngahamburkeun kebul,
فَوَسَطْنَ بِهٖ جَمْعًاۙ٥
Fawasaṭna bihī jam‘ā(n).
[5]
terus narajang ka tengah-tengah kumpulan musuh.
اِنَّ الْاِنْسَانَ لِرَبِّهٖ لَكَنُوْدٌ ۚ٦
Innal-insāna lirabbihī lakanūd(un).
[6]
Sabenerna manusa téh ingkar, (henteu sukuran) ka Pangéranana.
وَاِنَّهٗ عَلٰى ذٰلِكَ لَشَهِيْدٌۚ٧
Wa innahū ‘alā żālika lasyahīd(un).
[7]
Sabenerna manéhna (manusa) téh jadi saksi (ngaku) kana éta (kaingkaranana).
وَاِنَّهٗ لِحُبِّ الْخَيْرِ لَشَدِيْدٌ ۗ٨
Wa innahū liḥubbil-khairi lasyadīd(un).
[8]
Sabenerna manéhna (manusa) téh, ku sabab mikacintana kana harta, kacida korétna.
۞ اَفَلَا يَعْلَمُ اِذَا بُعْثِرَ مَا فِى الْقُبُوْرِۙ٩
Afalā ya‘lamu iżā bu‘ṡira mā fil-qubūr(i).
[9]
Naha manéhna teu nyaho lamun seug naon anu di jero kubur dibudalkeun
وَحُصِّلَ مَا فِى الصُّدُوْرِۙ١٠
Wa ḥuṣṣila mā fiṣ-ṣudūr(i).
[10]
jeung naon anu aya dina jero dada dilahirkeun?
اِنَّ رَبَّهُمْ بِهِمْ يَوْمَىِٕذٍ لَّخَبِيْرٌ ࣖ١١
Inna rabbahum bihim yauma'iżil lakhabīr(un).
[11]
Sabenerna Pangéran maranéhna dina éta poé Mahataliti kana (kaayaan) maranéhna.