Surah Yunus
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤرٰ ۗتِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ الْحَكِيْمِ١
Alif lām rā, tilka āyātul-kitābil-ḥakīm(i).
[1]
Alif Lām Rā. 424 Éta téh ayat-ayat kitab (Al-Qur’an) anu ngandung hikmah.
424) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
اَكَانَ لِلنَّاسِ عَجَبًا اَنْ اَوْحَيْنَآ اِلٰى رَجُلٍ مِّنْهُمْ اَنْ اَنْذِرِ النَّاسَ وَبَشِّرِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنَّ لَهُمْ قَدَمَ صِدْقٍ عِنْدَ رَبِّهِمْ ۗ قَالَ الْكٰفِرُوْنَ اِنَّ هٰذَا لَسٰحِرٌ مُّبِيْنٌ٢
Akāna lin-nāsi ‘ajaban an auḥainā ilā rajulim minhum an anżirin-nāsa wa basysyiril-lażīna āmanū anna lahum qadama ṣidqin ‘inda rabbihim, qālal-kāfirūna inna hāżā lasāḥirum mubīn(un).
[2]
Naha pantes jadi perkara nu ngahérankeun ka manusa yén Kami geus ngawahyukeun ka hiji lalaki (Muhammad) ti antara maranéhna (nyaéta), “Geura béré pépéling ka manusa jeung geura bubungah jalma nu iman (ku béja) yén aranjeunna ngabogaan kalungguhan nu luhur di mungguhing Pangéranana.” Jalma-jalma kapir nyarita kieu, “Sabenerna manéhna (Muhammad) mah tukang sihir anu nyata.”
اِنَّ رَبَّكُمُ اللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِ يُدَبِّرُ الْاَمْرَۗ مَا مِنْ شَفِيْعٍ اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ اِذْنِهٖۗ ذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْ فَاعْبُدُوْهُۗ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ٣
Inna rabbakumullāhul -lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa fī sittati ayyāmin ṡummastawā ‘alal-‘arsyi yudabbirul-amr(a), mā min syafī‘in illā mim ba‘di iżnih(ī), żālikumullāhu rabbukum fa‘budūh(u), afalā tażakkarūn(a).
[3]
Sabenerna Pangéran aranjeun téh Allah nu nyiptakeun langit jeung bumi dina genep mangsa, tuluy Mantenna istiwā’ di luhureun `Arasy 425 pikeun ngatur sadaya urusan. Moal aya saurang ogé nu bakal nyapa’atan kajaba sanggeus aya widi ti Mantenna. Éta téh Allah, Pangéran aranjeun. Ku kituna, prak geura ibadah ka Mantenna! Naha maranéh téh henteu nyokot atikan?
425) Tingal catetan kaki surat al-A`raf/7:44
اِلَيْهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيْعًاۗ وَعْدَ اللّٰهِ حَقًّاۗ اِنَّهٗ يَبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ لِيَجْزِيَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ بِالْقِسْطِۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَهُمْ شَرَابٌ مِّنْ حَمِيْمٍ وَّعَذَابٌ اَلِيْمٌ ۢبِمَا كَانُوْا يَكْفُرُوْنَ٤
Ilaihi marji‘ukum jamī‘ā(n), wa‘dallāhi ḥaqqā(n), innahū yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduhū liyajziyal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti bil-qisṭ(i), wal-lażīna kafarū lahum syarābum min ḥamīmiw wa ‘ażābun alīmum bimā kānū yakfurūn(a).
[4]
Mung ka Mantenna aranjeun kabéh bakal mulang téh. Éta téh jangji Allah anu bener tur pasti. Sabenerna nya Mantenna nu nyiptakeun mahluk ti mimiti kénéh, tuluy Mantenna mulangkeun (ngahirupkeun) deui (sanggeus hudang ti kubur) supaya Mantenna maparin ganjaran ka jalma-jalma nu iman jeung ngadamel amal soléh kalayan adil. Sedengkeun pikeun anu kupur mah (disadiakeun) inuman nu ngagolak pisan jeung siksaan nu kacida peurihna ku sabab maranéhna terus-terusan kapir.
هُوَ الَّذِيْ جَعَلَ الشَّمْسَ ضِيَاۤءً وَّالْقَمَرَ نُوْرًا وَّقَدَّرَهٗ مَنَازِلَ لِتَعْلَمُوْا عَدَدَ السِّنِيْنَ وَالْحِسَابَۗ مَا خَلَقَ اللّٰهُ ذٰلِكَ اِلَّا بِالْحَقِّۗ يُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ٥
Huwal-lażī ja‘alasy-syamsa ḍiyā'aw wal-qamara nūraw wa qaddarahū manāzila lita‘lamū ‘adadas-sinīna wal-ḥisāb(a), mā khalaqallāhu zālika illā bil-ḥaqq(i), yufaṣṣilul-āyāti liqaumiy ya‘lamūn(a).
[5]
Mantenna nu ngajadikeun panonpoé moncorong jeung bulan cahayaan. Mantenna nu netepkeun tempat-tempat orbitna éta (bulan) supaya aranjeun nyaho wilangan taun jeung itungan (waktuna). Allah teu pati-pati ngajadikeun éta kabéh anging kalayan ḥaq. 426 Mantenna ngajelaskeun tanda-tanda (kaagungana-Na) kalayan rinci pikeun kaom nu ngarti.
426) Allah ngajadikeun sakabéh nu disebutkeun téh teu percumah, tapi kalayan pinuh hikmah.
اِنَّ فِى اخْتِلَافِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَمَا خَلَقَ اللّٰهُ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّتَّقُوْنَ٦
Inna fikhtilāfil-laili wan-nahāri wa mā khalaqallāhu fis-samāwāti wal-arḍi la'āyātil liqaumiy yattaqūn(a).
[6]
Sabenerna dina gunta-gantina peuting jeung beurang sarta dina naon-naon nu diciptakeun ku Allah di langit jeung bumi téh ngandung tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom anu takwa.
اِنَّ الَّذِيْنَ لَا يَرْجُوْنَ لِقَاۤءَنَا وَرَضُوْا بِالْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَاطْمَـَٔنُّوْا بِهَا وَالَّذِيْنَ هُمْ عَنْ اٰيٰتِنَا غٰفِلُوْنَۙ٧
Innal-lażīna lā yarjūna liqā'anā wa raḍū bil-ḥayātid-dun-yā waṭma'annū bihā wal-lażīna hum ‘an āyātinā gāfilūn(a).
[7]
Sabenerna jalma-jalma anu teu miharep papanggih jeung Kami (di ahérat), nu ngarasa sugema ku kahirupan dunya, nu ngarasa tengtrem ku éta (kahirupan dunyana), jeung nu mopohokeun kana tanda-tanda (kaagungan) Kami,
اُولٰۤىِٕكَ مَأْوٰىهُمُ النَّارُ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٨
Ulā'ika ma'wāhumun nāru bimā kānū yaksibūn(a).
[8]
atuh pitempateun maranéhna téh seuneu naraka karana sagala nu terus-terusan diupayakeun ku maranéhna.
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ يَهْدِيْهِمْ رَبُّهُمْ بِاِيْمَانِهِمْۚ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهِمُ الْاَنْهٰرُ فِيْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِ٩
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti yahdīhim rabbuhum bi'īmānihim, tajrī min taḥtihimul-anhāru fī jannātin na‘īm(i).
[9]
Sabenerna jalma-jalma nu iman jeung migawé amal soléh, tangtu Pangéran bakal maparin pituduh ka aranjeunna ku sabab kaimanana. (Aranjeunna aya) di sawarga nu pinuh kani’matan anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan.
دَعْوٰىهُمْ فِيْهَا سُبْحٰنَكَ اللّٰهُمَّ وَتَحِيَّتُهُمْ فِيْهَا سَلٰمٌۚ وَاٰخِرُ دَعْوٰىهُمْ اَنِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ١٠
Da‘wāhum fīhā subḥānakallāhumma wa taḥiyyatuhum fīhā salām(un), wa ākhiru da‘wāhum anil-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[10]
Doa 427 aranjeunna di jero sawarga téh nyaéta subḥānakallāhuma (Mahasuci Gusti, nun Pangéran abdi sadaya). Panghormatan aranjeunna di sawarga téh nyaéta (ucapan) salām. 428 Doa pamungkasna téh nyaéta alḥamdu lillāhi rabbil ‘ālamīn (sagala puji kagungan Allah, Pangéran sakumna alam).
427) Puja jeung puji aranjeunna téh wungkul disanggakeun ka Allah.
428) Salamet tina sagala bahaya.
۞ وَلَوْ يُعَجِّلُ اللّٰهُ لِلنَّاسِ الشَّرَّ اسْتِعْجَالَهُمْ بِالْخَيْرِ لَقُضِيَ اِلَيْهِمْ اَجَلُهُمْۗ فَنَذَرُ الَّذِيْنَ لَا يَرْجُوْنَ لِقَاۤءَنَا فِيْ طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُوْنَ١١
Wa lau yu‘ajjilullāhu lin-nāsisy-syarrasti‘jālahum bil-khairi laquḍiya ilaihim ajaluhum, fa nażarul-lażīna lā yarjūna liqā'anā fī ṭugyānihim ya‘mahūn(a).
[11]
Upami Allah ngaénggalkeun dikabulkeunana kagoréngan manusa, sakumaha maranéhna ngaburu-buru dikabulkeunana kahadéan, tangtu ajal maranéhna dipungkasan. Tapi, Kami ngantep jalma-jalma nu teu miharep kana papanggih jeung Kami (di ahérat) sina mandeg-mayong dina kasasaranana.
وَاِذَا مَسَّ الْاِنْسَانَ الضُّرُّ دَعَانَا لِجَنْۢبِهٖٓ اَوْ قَاعِدًا اَوْ قَاۤىِٕمًا ۚفَلَمَّا كَشَفْنَا عَنْهُ ضُرَّهٗ مَرَّ كَاَنْ لَّمْ يَدْعُنَآ اِلٰى ضُرٍّ مَّسَّهٗۗ كَذٰلِكَ زُيِّنَ لِلْمُسْرِفِيْنَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٢
Wa iżā massal-insānaḍ-ḍurru da‘ānā lijambihī au qā‘idan au qā'imā(n), falammā kasyafnā ‘anhu ḍurrahū marra ka'allam yad‘unā ilā ḍurrim massah(ū), każālika zuyyina lil-musrifīna mā kānū ya‘malūn(a).
[12]
Upama jalma (kapir) ditibanan ku kasusah, manéhna ngadoa ka Kami bari ngagoler, diuk, atawa nangtung. Tapi, waktu Kami geus ngaleungitkeun éta kasusah, manéhna (balik deui kana kasasaran) jiga nu teu kungsi ngadoa ka Kami pikeun (ngaleungitkeun) kasusah nu nibanan ka manéhna. Tah jiga kitu, dijadikeun karasa hadé pikeun jalma-jalma nu ngaliwat wates naon nu geus dipilampah ku maranéhna.
وَلَقَدْ اَهْلَكْنَا الْقُرُوْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَمَّا ظَلَمُوْاۙ وَجَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ وَمَا كَانُوْا لِيُؤْمِنُوْا ۗ كَذٰلِكَ نَجْزِى الْقَوْمَ الْمُجْرِمِيْنَ١٣
Wa laqad ahlaknal-qurūna min qablikum lammā ẓalamū, wa jā'athum rusuluhum bil-bayyināti wa mā kānū liyu'minū, każālika najzil-qaumal-mujrimīn(a).
[13]
Tétéla Kami geus ngabinasakeun generasi nu saméméh maranéh (hé kapir Mekah) waktu maranéhna migawé kadoliman sanajan geus datang ka maranéhna para rasul kalayan mawa bukti-bukti anu nyata. Tapi, maranéhna téh sama sakali teu daékeun baé iman. Jadi, Kami males ka kaom anu nyieun dosa.
ثُمَّ جَعَلْنٰكُمْ خَلٰۤىِٕفَ فِى الْاَرْضِ مِنْۢ بَعْدِهِمْ لِنَنْظُرَ كَيْفَ تَعْمَلُوْنَ١٤
Ṡumma ja‘alnākum khalā'ifa fil-arḍi mim ba‘dihim linanẓura kaifa ta‘malūn(a).
[14]
Tuluy Kami ngajadikeun maranéh jadi gaganti di bumi sanggeus maranéhna (dibinasakeun), supaya Kami bisa niténan 429 kumaha maranéh milampah (naha milampah kahadéan atawa kagoréngan?)
429) Kecap “niténan” nu dinisbatkeun ka Allah téh mangrupakeun majāz.
وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيَاتُنَا بَيِّنٰتٍۙ قَالَ الَّذِيْنَ لَا يَرْجُوْنَ لِقَاۤءَنَا ائْتِ بِقُرْاٰنٍ غَيْرِ هٰذَآ اَوْ بَدِّلْهُ ۗ قُلْ مَا يَكُوْنُ لِيْٓ اَنْ اُبَدِّلَهٗ مِنْ تِلْقَاۤئِ نَفْسِيْ ۚاِنْ اَتَّبِعُ اِلَّا مَا يُوْحٰٓى اِلَيَّ ۚ اِنِّيْٓ اَخَافُ اِنْ عَصَيْتُ رَبِّيْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ١٥
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyināt(in), qālal-lażīna lā yarjūna liqā'ana'ti biqur'ānin gairi hāżā au baddilh(u), qul mā yakūnu lī an ubaddilahū min tilqā'i nafsī, in attabi‘u illā mā yūḥā ilayy(a), innī akhāfu in ‘aṣaitu rabbī ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[15]
Nalika dibacakeun ayat Kami ka maranéhna kalayan jelas, jalma-jalma nu teu miharep patepung jeung Kami (di ahérat) mah nyarita kieu, “Sok atuh geura ngadatangkeun Al-Qur’an nu salian ti ieu 430 atawa ganti (sakalian éta Al-Qur’an) téh!” 431 Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Henteu pantes pikeun kuring ngarobah éta (Al-Qur’an) sakahayang sorangan. Kuring henteu tumut kajaba kana sagala nu geus diwahyukeun ka kuring. Saenyana kuring sieun ku siksaan dina poé anu rongkah (Poé Kiamat) upama ngarempak ka Pangéran kuring.”
430) Coba geura datangkeun Kitab nu anyar pikeun dibaca ku urang saréréa nu eusina teu aya nyabit-nyabit dihudangkeun tina jero kubur.
431) Pék geura ganti ayat-ayat nu nerangkeun siksaan téh ku ayat-ayat nu nerangkeun rahmat, jeung nu nyempad sesembahan kuring saréréa diganti ku nu muji-muji sesembahan kuring saréréa.
قُلْ لَّوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَا تَلَوْتُهٗ عَلَيْكُمْ وَلَآ اَدْرٰىكُمْ بِهٖ ۖفَقَدْ لَبِثْتُ فِيْكُمْ عُمُرًا مِّنْ قَبْلِهٖۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ١٦
Qul lau syā'allāhu mā talautuhū ‘alaikum wa lā adrākum bih(ī), faqad labiṡtu fīkum ‘umuram min qablih(ī), afalā ta‘qilūn(a).
[16]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Upami Allah ngersakeun, tangtu kuring moal macakeun ieu (Al-Qur’an) ka aranjeun jeung Mantenna moal ngabéjakeun ieu (Al-Qur’an) ka aranjeun. Tétéla kuring téh pan geus cicing jeung aranjeun ti baheula kénéh (saméméh turun Al-Qur’an). Naha aranjeun téh teu ngagunakeun akal?”
فَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَوْ كَذَّبَ بِاٰيٰتِهٖۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الْمُجْرِمُوْنَ١٧
Faman aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każiban au każżaba bi'āyātih(ī), innahū lā yufliḥul-mujrimūn(a).
[17]
Ku kituna, saha atuh nu leuwih dolim tibatan jalma nu ngaya-ngayakeun kabohongan ka Allah, atawa nu ngabohongkeun kana ayat-ayat-Na? Sabenerna moal bakal untung jalma-jalma nu doraka téh.
وَيَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَضُرُّهُمْ وَلَا يَنْفَعُهُمْ وَيَقُوْلُوْنَ هٰٓؤُلَاۤءِ شُفَعَاۤؤُنَا عِنْدَ اللّٰهِ ۗقُلْ اَتُنَبِّـُٔوْنَ اللّٰهَ بِمَا لَا يَعْلَمُ فِى السَّمٰوٰتِ وَلَا فِى الْاَرْضِۗ سُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ١٨
Wa ya‘budūna min dūnillāhi mā lā yaḍurruhum wa lā yanfa‘uhum wa yaqūlūna hā'ulā'i syufa‘ā'unā ‘indallāh(i), qul atunabbi'ūnallāha bimā lā ya‘lamu fis-samāwāti wa lā fil-arḍ(i), subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[18]
Maranéhna nyembah ka salian ti Allah nu teu bisa ngadatangkeun kamadaratan jeung (ogé) kamangpaatan ka maranéhna. Maranéhna nyarita kieu, “Maranéhna (sesembahan) téh nu bakal nulungan ka urang saréréa di payuneun Allah.” Pék caritakeun ku hidep, “Naha maranéh rék ngabéjaan Allah naon-naon nu (disangka yén) henteu kauninga ku Mantenna boh di langit boh dibumi?” Maha suci Allah sareng Mahaluhur tina sagala nu disarékatkeun ku maranéhna.
وَمَا كَانَ النَّاسُ اِلَّآ اُمَّةً وَّاحِدَةً فَاخْتَلَفُوْاۗ وَلَوْلَا كَلِمَةٌ سَبَقَتْ مِنْ رَّبِّكَ لَقُضِيَ بَيْنَهُمْ فِيْمَا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ١٩
Wa mā kānan-nāsu illā ummataw wāḥidatan fakhtalafū, wa lau lā kalimatun sabaqat mir rabbika laquḍiya bainahum fīmā fīhi yakhtalifūn(a).
[19]
Saenyana manusa téh baheulana mah umat anu ngahiji (dina kataohidan), tuluy maranéhna pasalia paham. Saupama teu aya katangtuan nu ti heula ti Pangéran hidep, 432 tangtu ti antara maranéhna geus dibéré kaputusan (siksa di dunya) ku sabab naon nu geus dipasalia-pahamkeun ku maranéhna.
432) Nyaéta katangtuan yén pasalia paham manusa di dunya téh bakal diputuskeun di ahérat.
وَيَقُوْلُوْنَ لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ اٰيَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖۚ فَقُلْ اِنَّمَا الْغَيْبُ لِلّٰهِ فَانْتَظِرُوْاۚ اِنِّيْ مَعَكُمْ مِّنَ الْمُنْتَظِرِيْنَ ࣖ٢٠
Wa yaqūlūna lau lā unzila ‘alaihi āyatum mir rabbih(ī), faqul innamal-gaibu lillāhi fantaẓirū, innī ma‘akum minal-muntaẓirīn(a).
[20]
Maranéhna nyarita kieu, “Naha atuh teu diturunkeun ka manéhna (Muhammad) hiji mujijat ti Pangéranana (saperti nabi-nabi nu lain)?” Pék caritakeun ku hidep, “Sabenerna perkara gaib téh ngan kagungan Allah. Ku kituna, seug geura daragoan (siksaan Allah)! Sabenerna kuring ogé kaasup jalma-jalma nu ngadagoan babarengan jeung aranjeun.”
وَاِذَآ اَذَقْنَا النَّاسَ رَحْمَةً مِّنْۢ بَعْدِ ضَرَّاۤءَ مَسَّتْهُمْ اِذَا لَهُمْ مَّكْرٌ فِيْٓ اٰيٰتِنَاۗ قُلِ اللّٰهُ اَسْرَعُ مَكْرًاۗ اِنَّ رُسُلَنَا يَكْتُبُوْنَ مَا تَمْكُرُوْنَ٢١
Wa iżā ażaqnan-nāsa raḥmatam mim ba‘di ḍarrā'a massathum iżā lahum makrun fī āyātinā, qulillāhu asra‘u makrā(n), inna rusulanā yaktubūna mā tamkurūn(a).
[21]
Upama Kami meré rahmat ka manusa sanggeus (datangna) musibah nibanan ka maranéhna, nya maranéhna buru-buru nyieun tipu daya (pikeun nangtang) ayat-ayat Kami. Pék caritakeun ku hidep, “Allah leuwih gancang wawales-Na (tina tipu dayana).” Sabenerna malaikat-malaikat Kami nyatet tipu daya maranéh.
هُوَ الَّذِيْ يُسَيِّرُكُمْ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِۗ حَتّٰٓى اِذَا كُنْتُمْ فِىْ الْفُلْكِۚ وَجَرَيْنَ بِهِمْ بِرِيْحٍ طَيِّبَةٍ وَّفَرِحُوْا بِهَا جَاۤءَتْهَا رِيْحٌ عَاصِفٌ وَّجَاۤءَهُمُ الْمَوْجُ مِنْ كُلِّ مَكَانٍ وَّظَنُّوْٓا اَنَّهُمْ اُحِيْطَ بِهِمْۙ دَعَوُا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۚ لَىِٕنْ اَنْجَيْتَنَا مِنْ هٰذِهٖ لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الشّٰكِرِيْنَ٢٢
Huwal-lażī yusayyirukum fil-barri wal-baḥr(i), ḥattā iżā kuntum fil-fulk(i), wa jaraina bihim birīḥin ṭayyibatiw wa fariḥū bihā jā'athā rīḥun ‘āṣifuw wa jā'ahumul-mauju min kulli makāniw wa ẓannū annahum uḥīṭa bihim, da‘awullāha mukhliṣīna lahud-dīn(a), la'in anjaitanā min hāżihī lanakūnanna minasy-syākirīn(a).
[22]
Mantenna (Allah) anu ngalantarankeun maranéh bisa lumampah di darat jeung (lalayaran) di laut. Nepi ka upama maranéh aya dina parahu, tuluy éta (parahu) téh lalayaran mawa maranéhna (jalma-jalma nu aya di jerona) katebak ku angin hadé, bari maranéhna ogé bungah ku éta angin, ujug-ujug datang angin ngagelebug jeung gelombang ombak narajang kana éta (parahu) ti saban arah, sarta maranéhna nyangka kakepung (ku bahaya), nya maranéhna téh ngadoa ka Allah kalayan ngaihlaskeun kataatan ka Mantenna, “Upami Gusti nyalametkeun abdi sadaya tina ieu (bahaya), tangtos abdi sadaya bakal janten jalmi-jalmi anu sukuran.”
فَلَمَّآ اَنْجٰىهُمْ اِذَا هُمْ يَبْغُوْنَ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ ۗيٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنَّمَا بَغْيُكُمْ عَلٰٓى اَنْفُسِكُمْ مَّتَاعَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۖ ثُمَّ اِلَيْنَا مَرْجِعُكُمْ فَنُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٢٣
Falammā anjāhum iżā hum yabgūna fil-arḍi bigairil-ḥaqq(i), yā ayyuhan-nāsu innamā bagyukum ‘alā anfusikum matā‘al-ḥayātid-dun-yā, ṡumma ilainā marji‘ukum fa nunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[23]
Tapi sanggeus Mantenna nyalametkeun maranéhna, justru maranéhna kalah ka nyieun kadoliman di ieu bumi tanpa (alesan) nu bener. Hé manusa, sabenerna (bahaya) kadoliman maranéh téh bakal malik ka diri maranéh sorangan. (Éta téh ngan saukur) kani’matan dunyawi wungkul. Tuluy ka Kami pangbalikan maranéh téh. Jaga Kami bakal ngabéjakeun sagala nu geus dipilampah ku maranéh.
اِنَّمَا مَثَلُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا كَمَاۤءٍ اَنْزَلْنٰهُ مِنَ السَّمَاۤءِ فَاخْتَلَطَ بِهٖ نَبَاتُ الْاَرْضِ مِمَّا يَأْكُلُ النَّاسُ وَالْاَنْعَامُ ۗحَتّٰٓى اِذَآ اَخَذَتِ الْاَرْضُ زُخْرُفَهَا وَازَّيَّنَتْ وَظَنَّ اَهْلُهَآ اَنَّهُمْ قٰدِرُوْنَ عَلَيْهَآ اَتٰىهَآ اَمْرُنَا لَيْلًا اَوْ نَهَارًا فَجَعَلْنٰهَا حَصِيْدًا كَاَنْ لَّمْ تَغْنَ بِالْاَمْسِۗ كَذٰلِكَ نُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ٢٤
Innamā maṡalul-ḥayātid-dun-yā kamā'in anzalnāhu minas-samā'i fakhtalaṭa bihī nabātul-arḍi mimmā ya'kulun-nāsu wal-an‘ām(u), ḥattā iżā akhażatil-arḍu zukhrufahā wazzayyanat wa ẓanna ahluhā annahum qādirūna ‘alaihā, atāhā amrunā lailan au nahāran fa ja‘alnāhā ḥaṣīdan ka'allam tagna bil-ams(i), każālika nufaṣṣilul-āyāti liqaumiy yatafakkarūn(a).
[24]
Sabenerna kahirupan dunya téh saperti cai (hujan) nu ku Kami diturunkeun ti langit, tuluy tuwuh pepelakan nu subur (ku sabab cai éta). Ti antarana aya nu sok didahar ku manusa jeung sasatoan, nepi ka upama bumi geus sampurna kaéndahanana jeung maké hiasan, 433 sarta nu marelakna nyangka yén manéhna pasti bakal ngawasa kana éta bumi (metik hasilna), ujug-ujug tumiba siksa Kami ti peuting atawa ti beurang, tuluy ku Kami (éta pepelakan) téh dibinasakeun, nepi ka saperti can kungsi aya pepelakan saméméhna. Nya kitu Kami ngajelaskeun tanda-tanda kakawasaan (Kami) kalayan rinci pikeun kaom anu mikir.
433) Bumi nu éndah dihiasan ku gunung-gunung. Léngkob-léngkobna héjo ngéplok ku pepelakan.
وَاللّٰهُ يَدْعُوْآ اِلٰى دَارِ السَّلٰمِ ۚوَيَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٢٥
Wallāhu yad‘ū ilā dāris-salām(i), wa yahdī may yasyā'u ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[25]
Allah ngajak (manusa) ka Dārussalām (sawarga), sareng maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna kana jalan nu lempeng (agama Islam)
۞ لِلَّذِيْنَ اَحْسَنُوا الْحُسْنٰى وَزِيَادَةٌ ۗوَلَا يَرْهَقُ وُجُوْهَهُمْ قَتَرٌ وَّلَا ذِلَّةٌ ۗاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢٦
Lil-lażīna aḥsanul-ḥusnā wa ziyādah(tun), wa lā yarhaqu wujūhahum qataruw wa lā żillah(tun), ulā'ika aṣḥābul-jannati hum fīhā khālidūn(a).
[26]
Pikeun jalma-jalma nu migawé kahadéan (aya ganjaran) nu pangalusna (sawarga) katut tambahna (kani’matan ningali Allah). Rarai aranjeunna moal katutupan kebul hideung sareng (moal ogé ku) kahinaan. Nya aranjeunna téh pangeusi sawarga sarta langgeng di dinyana.
وَالَّذِيْنَ كَسَبُوا السَّيِّاٰتِ جَزَاۤءُ سَيِّئَةٍ ۢبِمِثْلِهَاۙ وَتَرْهَقُهُمْ ذِلَّةٌ ۗمَا لَهُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ عَاصِمٍۚ كَاَنَّمَآ اُغْشِيَتْ وُجُوْهُهُمْ قِطَعًا مِّنَ الَّيْلِ مُظْلِمًاۗ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚهُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢٧
Wal-lażīna każabus-sayyi'āti jazā'u sayyi'atim bimiṡlihā, wa tarhaquhum żillah(tun), mā lahum minallāhi min ‘āṣim(in), ka'annamā ugsyiyat wujūhuhum qiṭa‘am minal-laili muẓlimā(n), ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[27]
Jalma-jalma anu ngupayakeun kagoréngan (meunang) wawales sabanding jeung kagorénganana sarta bakal ditutupan ku kahinaan. Moal aya saurang ogé pikeun maranéhna nu bakal ngaraksa tina siksa Allah. Beungeutna saperti ditutupan ku poékna peuting. Nya maranéhna téh pangeusi naraka sarta langgeng di dinyana.
وَيَوْمَ نَحْشُرُهُمْ جَمِيْعًا ثُمَّ نَقُوْلُ لِلَّذِيْنَ اَشْرَكُوْا مَكَانَكُمْ اَنْتُمْ وَشُرَكَاۤؤُكُمْۚ فَزَيَّلْنَا بَيْنَهُمْ وَقَالَ شُرَكَاۤؤُهُمْ مَّا كُنْتُمْ اِيَّانَا تَعْبُدُوْنَ٢٨
Wa yauma naḥsyuruhum jamī‘an ṡumma naqūlu lil-lażīna asyrakū makānakum antum wa syurakā'ukum, fa zayyalnā bainahum wa qāla syurakā'uhum mā kuntum iyyānā ta‘budūn(a).
[28]
(Sing inget) nalika Kami ngumpulkeun maranéhna sakabéhanana (jalma-jalma nu iman jeung jalma-jalma nu kapir), tuluy Kami ngadawuh ka jalma-jalma nu migawé kamusrikan, “Caricing di tempat maranéh bareng jeung sesembahan maranéh!” Tuluy Kami misahkeun di antara maranéhna (jeung jalma nu iman). (Ti dinya,) sesembahan maranéhna ngomong kieu, “Maranéh sakali-kali teu kungsi nyembah ka kuring.
فَكَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًاۢ بَيْنَنَا وَبَيْنَكُمْ اِنْ كُنَّا عَنْ عِبَادَتِكُمْ لَغٰفِلِيْنَ٢٩
Fa kafā billāhi syahīdam bainanā wa bainakum in kunnā ‘an ‘ibādatikum lagāfilīn(a).
[29]
Cekap Allah nu janten saksi antara kuring saréréa jeung maranéh (kaom musrikin), yén sabenerna kuring saréréa mah teu tanggung jawab kana pagawéan maranéh nyembah (ka kuring).” 434
434) Sabab éta sesembahan téh mangrupakeun banda paéh nu euweuh rohan. Maranéhna teu bisa nempo, ngadéngé, tur mikir.
هُنَالِكَ تَبْلُوْا كُلُّ نَفْسٍ مَّآ اَسْلَفَتْ وَرُدُّوْٓا اِلَى اللّٰهِ مَوْلٰىهُمُ الْحَقِّ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ ࣖ٣٠
Hunālika tablū kullu nafsim mā aslafat wa ruddū ilallāhi maulāhumul-ḥaqqi wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[30]
Nya di dinya (Padang Mahsar), unggal jiwa bakal ngarasakeun wawales tina sagala nu geus dipigawé ku maranéhna (alus goréngna), jeung maranéhna bakal dipulangkeun ka Allah, nu sabenerna nangtayungan ka maranéhna, sarta leungit wéh sagala nu diaya-ayakeun ku maranéhna téh.
قُلْ مَنْ يَّرْزُقُكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ اَمَّنْ يَّمْلِكُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَمَنْ يُّخْرِجُ الْحَيَّ مِنَ الْمَيِّتِ وَيُخْرِجُ الْمَيِّتَ مِنَ الْحَيِّ وَمَنْ يُّدَبِّرُ الْاَمْرَۗ فَسَيَقُوْلُوْنَ اللّٰهُ ۚفَقُلْ اَفَلَا تَتَّقُوْنَ٣١
Qul may yarzuqukum minas-samā'i wal-arḍi ammay yamlikus-sam‘a wal-abṣāra wa may yukhrijul-ḥayya minal-mayyiti wa yukhrijul-mayyita minal-ḥayyi wa may yudabbirul-amr(a), fa sayaqūlūnallāh(u), faqul afalā tattaqūn(a).
[31]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saha anu maparin rejeki ka aranjeun ti langit jeung ti bumi? Atawa saha anu kawasa (nyiptakeun) pangdéngé jeung panénjo? Saha nu ngaluarkeun nu hirup ti nu paéh, jeung nu ngaluarkeun nu paéh ti nu hirup? Saha nu ngatur éta sagala urusan téh?” Nya maranéhna bakal ngajawab kieu, “Allah.” Ku kituna, pok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun teu takwa?”
فَذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمُ الْحَقُّۚ فَمَاذَا بَعْدَ الْحَقِّ اِلَّا الضَّلٰلُ ۖفَاَنّٰى تُصْرَفُوْنَ٣٢
Fa żālikumullāhu rabbukumul-ḥaqq(u), fa māżā ba‘dal-ḥaqqi illaḍ-ḍalāl(u), fa annā tuṣrafūn(a).
[32]
Éta téh Allah, Pangéran maranéh nu sabenerna. Ku kituna, teu aya deui sanggeusna pituduh iwal ti kasasaran. Ku naon maranéh bisa dipéngkolkeun (tina pituduh)?
كَذٰلِكَ حَقَّتْ كَلِمَتُ رَبِّكَ عَلَى الَّذِيْنَ فَسَقُوْٓا اَنَّهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ٣٣
Każālika ḥaqqat kalimatu rabbika ‘alal-lażīna fasaqū annahum lā yu'minūn(a).
[33]
Nya kitu, geus pasti (lumaku) katangtuan Pangéran anjeun pikeun jalma-jalma anu pasék. Sabenerna maranéhna téh henteu iman.
قُلْ هَلْ مِنْ شُرَكَاۤىِٕكُمْ مَّنْ يَّبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗۗ قُلِ اللّٰهُ يَبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ فَاَنّٰى تُؤْفَكُوْنَ٣٤
Qul hal min syurakā'ikum may yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduh(ū), qulillāhu yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduhū fa annā tu'fakūn(a).
[34]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aya ti antara nu disarekatkeun maranéh nu bisa ngamimitian nyiptakeun (mahluk), tuluy bisa ngahirupkeunana deui?” Pok ogé caritakeun ku hidep, “Allah nu ngawitan nyiptakeun mahluk téh, teras Mantenna ngahirupkeuna deui. Ku kituna, ku naon maranéh bisa dipaléngoskeun (tina bebeneran)?”
قُلْ هَلْ مِنْ شُرَكَاۤىِٕكُمْ مَّنْ يَّهْدِيْٓ اِلَى الْحَقِّۗ قُلِ اللّٰهُ يَهْدِيْ لِلْحَقِّۗ اَفَمَنْ يَّهْدِيْٓ اِلَى الْحَقِّ اَحَقُّ اَنْ يُّتَّبَعَ اَمَّنْ لَّا يَهِدِّيْٓ اِلَّآ اَنْ يُّهْدٰىۚ فَمَا لَكُمْۗ كَيْفَ تَحْكُمُوْنَ٣٥
Qul hal min syurakā'ikum may yahdī ilal-ḥaqq(i),qulillāhu yahdī lil-ḥaqq(i), afamay yahdī ilal-ḥaqqi aḥaqqu ay yuttaba‘a ammal lā yahiddī illā ay yuhdā, famā lakum, kaifa taḥkumūn(a).
[35]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aya ti antara sakutu-sakutu maranéh nu bisa ngabingbing kana bebeneran?” Pok ogé caritakeun ku hidep, “Allah nu ngabingbing kana bebeneran. Ku kituna, naha nu ngabingbing kana bebeneran téh leuwih pantes diturutan atawa nu nu teu bisa ngabingbing malah kudu dibingbing? Ku kituna, naha maranéh (bet migawé kitu)? Kumaha maranéh nyokot kaputusan?”
وَمَا يَتَّبِعُ اَكْثَرُهُمْ اِلَّا ظَنًّاۗ اِنَّ الظَّنَّ لَا يُغْنِيْ مِنَ الْحَقِّ شَيْـًٔاۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ ۢبِمَا يَفْعَلُوْنَ٣٦
Wa mā yattabi‘u akṡaruhum illā ẓannā(n), innaẓ-ẓanna lā yugnī minal-ḥaqqi syai'ā(n), innallāha ‘alīmum bimā yaf‘alūn(a).
[36]
Lolobana maranéhna téh henteu nuturkeun anging kana sangkaan wungkul. Sabenerna sangkaan téh euweuh gunana saeutik ogé pikeun ngahontal pituduh. Saleresna Allah téh Mahauninga kana sagala nu dipigawé ku maranéhna.
وَمَا كَانَ هٰذَا الْقُرْاٰنُ اَنْ يُّفْتَرٰى مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلٰكِنْ تَصْدِيْقَ الَّذِيْ بَيْنَ يَدَيْهِ وَتَفْصِيْلَ الْكِتٰبِ لَا رَيْبَ فِيْهِ مِنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَۗ٣٧
Wa mā kāna hāżal-qur'ānu ay yuftarā min dūnillāhi wa lākin taṣdīqal-lażī baina yadaihi wa tafṣīlal-kitābi lā raiba fīhi mir rabbil-‘ālamīn(a).
[37]
Teu mungkin ieu Al-Qur’an téh dijieun-jieun ku salian ti Allah, malahan mah (Al-Qur’an téh) nu ngaenyakeun (kitab-kitab) nu diturunkeun saméméhna tur nu ngajelaskeun kalayan rinci katetapan (Allah). Teu aya kamangmangan dina eusina, (diturunkeun) ti Pangéran sakumna alam.
اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰىهُ ۗ قُلْ فَأْتُوْا بِسُوْرَةٍ مِّثْلِهٖ وَادْعُوْا مَنِ اسْتَطَعْتُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٣٨
Am yaqūlūnaftarāh(u), qul fa'tū bisūratim miṡlihī wad‘ū manistaṭa‘tum min dūnillāhi in kuntum ṣādiqīn(a).
[38]
Malah, naha (pantes) maranéhna nyarita kieu, “Manéhna (Muhammad) nu geus jijieunan (Al-Qur’an) téh.” Caritakeun ku hidep (Muhammad), “(Mun enya kitu mah), cing pék jieun surah nu sarua jeung Al-Qur’an, jeung pék geura ajak ku maranéh saha baé nu bisa (diajak) salian ti Allah (pikeun ngabantuan maranéh), lamun enya mah maranéh téh jalma-jalma anu bener.”
بَلْ كَذَّبُوْا بِمَا لَمْ يُحِيْطُوْا بِعِلْمِهٖ وَلَمَّا يَأْتِهِمْ تَأْوِيْلُهٗۗ كَذٰلِكَ كَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الظّٰلِمِيْنَ٣٩
Bal każżabū bimā lam yuḥīṭū bi‘ilmihī wa lammā ya'tihim ta'wīluh(ū), każālika każżabal-lażīna min qablihim fanẓur kaifa kāna ‘āqibatuẓ-ẓālimīn(a).
[39]
Malah, maranéhna téh ngabohongkeun kana naon-naon nu ku maranéhna can dipikanyaho kalayan sampurna, jeung can datang katerangan ka maranéhna. Kitu deui jalma-jalma saméméh maranéhna ogé ngabohongkeun (ka para rasul). Ku kituna, geura titénan kumaha balukarna jalma-jalma nu dolim téh.
وَمِنْهُمْ مَّنْ يُّؤْمِنُ بِهٖ وَمِنْهُمْ مَّنْ لَّا يُؤْمِنُ بِهٖۗ وَرَبُّكَ اَعْلَمُ بِالْمُفْسِدِيْنَ ࣖ٤٠
Wa minhum may yu'minu bihī wa minhum mal lā yu'minu bih(ī), wa rabbuka a‘lamu bil-mufsidīn(a).
[40]
Ti antara maranéhna aya nu iman kana éta (Al-Qur’an) jeung aya ogé nu teu iman kana éta (Al-Qur’an). Da Pangéran hidep mah langkung uninga ka jalma-jalma anu nyieun karuksakan.
وَاِنْ كَذَّبُوْكَ فَقُلْ لِّيْ عَمَلِيْ وَلَكُمْ عَمَلُكُمْۚ اَنْتُمْ بَرِيْۤـُٔوْنَ مِمَّآ اَعْمَلُ وَاَنَا۠ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تَعْمَلُوْنَ٤١
Wa in każżabūka faqul lī ‘amalī wa lakum ‘amalukum, antum barī'ūna mimmā a‘malu wa ana barī'um mimmā ta‘malūn(a).
[41]
Upama maranéhna ngabohongkeun ka hidep, atuh pok caritakeun, “Pikeun kuring amal kuring, jeung pikeun aranjeun amal aranjeun. Aranjeun lubaran tina sagala nu dipilampah ku kuring. Kuring ogé lulubaran tina sagala nu dipilampah ku aranjeun.”
وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّسْتَمِعُوْنَ اِلَيْكَۗ اَفَاَنْتَ تُسْمِعُ الصُّمَّ وَلَوْ كَانُوْا لَا يَعْقِلُوْنَ٤٢
Wa minhum may yastami‘ūna ilaik(a), afa anta tusmi‘uṣ-ṣumma wa lau kānū lā ya‘qilūn(a).
[42]
Ti antara maranéhna aya nu ngadédéngékeun ka hidep. Naha hidep bisa ngajadikeun jalma nu torék jadi bisa ngadéngé, sok sanajan maranéhna henteu ngarti?
وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّنْظُرُ اِلَيْكَۗ اَفَاَنْتَ تَهْدِى الْعُمْيَ وَلَوْ كَانُوْا لَا يُبْصِرُوْنَ٤٣
Wa minhum may yanẓuru ilaik(a), afa anta tahdil-‘umya wa lau kānū lā yubṣirūn(a).
[43]
Ti antara maranéhna aya nu ningali ka hidep. Naha hidep bisa méré pidutuh ka jalma nu lolong, sanajan maranéhna teu bisaeun nénjo?
اِنَّ اللّٰهَ لَا يَظْلِمُ النَّاسَ شَيْـًٔا وَّلٰكِنَّ النَّاسَ اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ٤٤
Innallāha lā yaẓlimun-nāsa syai'aw wa lākinnan-nāsa anfusahum yaẓlimūn(a).
[44]
Saleresna Allah mah henteu ngadoliman ka manusa saeutik ogé, tapi manusa nu ngadoliman ka dirina sorangan.
وَيَوْمَ يَحْشُرُهُمْ كَاَنْ لَّمْ يَلْبَثُوْٓا اِلَّا سَاعَةً مِّنَ النَّهَارِ يَتَعَارَفُوْنَ بَيْنَهُمْۗ قَدْ خَسِرَ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِلِقَاۤءِ اللّٰهِ وَمَا كَانُوْا مُهْتَدِيْنَ٤٥
Wa yauma yaḥsyuruhum ka'allam yalbaṡū illā sā‘atam minan-nahāri yata‘ārafūna bainahum, qad khasiral-lażīna każżabū biliqā'illāhi wa mā kānū muhtadīn(a).
[45]
(Sing inget) kana poéan (waktu) Allah ngumpulkeun maranéhna. (Maranéhna ngarasa) saolah-olah tacan kungsi cicing (di dunya) anging ngan sakeudeung dina mangsa beurang, (jiga waktu) maranéhna (sakeudeung) silih wawuhan jeung sasamana (sanggeus dihudangkeun ti alam kubur). Kacida rugina jalma-jalma nu ngabohongkeun kana bakal patepangna jeung Allah, jeung maranéhna lain jalma-jalma nu meunang pituduh.
وَاِمَّا نُرِيَنَّكَ بَعْضَ الَّذِيْ نَعِدُهُمْ اَوْ نَتَوَفَّيَنَّكَ فَاِلَيْنَا مَرْجِعُهُمْ ثُمَّ اللّٰهُ شَهِيْدٌ عَلٰى مَا يَفْعَلُوْنَ٤٦
Wa immā nuriyannaka ba‘ḍal-lażī na‘iduhum au natawaffayannaka fa ilainā marji‘uhum ṡummallāhu syahīdun ‘alā mā yaf‘alūn(a).
[46]
Sabenerna upama Kami némbongkeun ka hidep (Muhammad) bagian tina (siksa) nu ku Kami geus dijangjikeun ka maranéhna (di dunya), atawa lamun Kami nyabut nyawa hidep (saacan datangna éta siksa), nya ngan ka Kami pangbalikan maranéhna. Saterusna Allah jadi saksi kana naon nu geus dipilampah ku maranéhna.
وَلِكُلِّ اُمَّةٍ رَّسُوْلٌ ۚفَاِذَا جَاۤءَ رَسُوْلُهُمْ قُضِيَ بَيْنَهُمْ بِالْقِسْطِ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٤٧
Wa likulli ummatir rasūl(un), fa iżā jā'a rasūluhum quḍiya bainahum bil-qisṭi wa hum lā yuẓlamūn(a).
[47]
Saban-saban umat ngabogaan rasul. Nya upama rasul maranéhna geus datang (dina Poé Kiamat), mangka diputuskeun (ku Allah) di antara maranéhna kalayan adil jeung maranéhna henteu didoliman (saeutik ogé).
وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٤٨
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[48]
Maranéhna (kapir-kapir Mekah) nyarita kieu, “Iraha (datangna) jangji (siksa) téh, lamun enya mah aranjeun (Muhammad jeung nu milu ka anjeunna) jalma-jalma nu bener?”
قُلْ لَّآ اَمْلِكُ لِنَفْسِيْ ضَرًّا وَّلَا نَفْعًا اِلَّا مَا شَاۤءَ اللّٰهُ ۗ لِكُلِّ اُمَّةٍ اَجَلٌ ۚاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ فَلَا يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَّلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ٤٩
Qul lā amliku linafsī ḍarraw wa lā naf‘an illā mā syā'allāh(u), likulli ummatin ajal(un), iżā jā'a ajaluhum falā yasta'khirūna sā‘ataw wa lā yastaqdimūn(a).
[49]
Pék caritakeun ku hidep, “Kuring henteu kawasa (nolak) madarat jeung henteu kawasa (ngadatangkeun) mangpaat pikeun diri kuring, kajaba sagala nu dikersakeun ku Allah.” Saban-saban umat ngabogaan ajalna (batas waktuna). Upama ajalna datang, maranéhna moal bisa ménta dipundurkeun sanajan sakeudeng, jeung maranéhna (ogé) moal bisa ménta dipajukeun.
قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ اَتٰىكُمْ عَذَابُهٗ بَيَاتًا اَوْ نَهَارًا مَّاذَا يَسْتَعْجِلُ مِنْهُ الْمُجْرِمُوْنَ٥٠
Qul ara'aitum in atākum ‘ażābuhū bayātan au nahāram māżā yasta‘jilu minhul-mujrimūn(a).
[50]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Terangkeun ka kuring upama datang ka aranjeun siksaan Mantenna ti peuting atawa ti beurang, mana nu dipénta digancangkeun ku jalma-jalma doraka téh?”
اَثُمَّ اِذَا مَا وَقَعَ اٰمَنْتُمْ بِهٖۗ اٰۤلْـٰٔنَ وَقَدْ كُنْتُمْ بِهٖ تَسْتَعْجِلُوْنَ٥١
Aṡumma iżā mā waqa‘a āmantum bih(ī), āl'āna wa qad kuntum bihī tasta‘jilūn(a).
[51]
Tuluy naha sanggeus kajadian éta siksa aranjeun kakara ngaimankeun? Atawa (kakara) ayeuna (aranjeun percaya)? Padahal saméméhna aranjeun sok ménta baé supaya digancangkeun?
ثُمَّ قِيْلَ لِلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا ذُوْقُوْا عَذَابَ الْخُلْدِۚ هَلْ تُجْزَوْنَ اِلَّا بِمَا كُنْتُمْ تَكْسِبُوْنَ٥٢
Ṡumma qīla lil-lażīna ẓalamū żūqū ‘ażābal-khuld(i), hal tujzauna illā bimā kuntum taksibūn(a).
[52]
Tuluy dibéjakeun ka jalma-jalma nu dolim, “Prak rasakeun ku maranéh siksaan nu langgeng! Maranéh téh moal diwales iwal (satimpal) jeung nu salila ieu geus dipilampah ku maranéh.”
۞ وَيَسْتَنْۢبِـُٔوْنَكَ اَحَقٌّ هُوَ ۗ قُلْ اِيْ وَرَبِّيْٓ اِنَّهٗ لَحَقٌّ ۗوَمَآ اَنْتُمْ بِمُعْجِزِيْنَ ࣖ٥٣
Wa yastambi'ūnaka aḥaqqun huw(a), qul ī wa rabbī innahū laḥaqq(un), wa mā antum bimu‘jizīn(a).
[53]
Maranéhna bakal nanya ka hidep (Muhammad), “Naha bener (siksa nu geus dijangjikeun ku Allah) téh?” Geura jawab ku hidep, “Enya, demi Pangéran kuring. Sabenerna éta (siksaan) téh pasti bener, jeung aranjeun moal pisan-pisan bisa ngahindar tina éta (siksaan).”
وَلَوْ اَنَّ لِكُلِّ نَفْسٍ ظَلَمَتْ مَا فِى الْاَرْضِ لَافْتَدَتْ بِهٖۗ وَاَسَرُّوا النَّدَامَةَ لَمَّا رَاَوُا الْعَذَابَۚ وَقُضِيَ بَيْنَهُمْ بِالْقِسْطِ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٥٤
Wa lau anna likulli nafsin ẓalamat mā fil-arḍi laftadat bih(ī), wa asarrun-nadāmata lammā ra'awul-‘ażāb(a), wa quḍiya bainahum bil-qisṭi wa hum lā yuẓlamūn(a).
[54]
Lamun saban jalma anu migawé kadoliman (ngabogaan) sagala nu aya di ieu bumi, tangtu maranéhna bakal nebus dirina ku éta (kakayaan), jeung maranéhna nyumputkeun kahanjakalna waktu maranéhna geus nénjo éta siksaan. Tuluy, diputuskeun (ku Allah) di antara maranéhna ku cara adil, sedengkeun maranéhna teu didoliman (saeutik ogé).
اَلَآ اِنَّ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اَلَآ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٥٥
Alā inna lillāhi mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), alā inna wa‘dallāhi ḥaqquw wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[55]
Sing nyaho yén sabenerna mung kaagungan Allah sagala nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Sing nyaho ogé yén saenyana jangji Allah téh bener. Tapi lolobana maranéhna téh teu nyahoeun.
هُوَ يُحْيٖ وَيُمِيْتُ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٥٦
Huwa yuḥyī wa yumītu wa ilaihi turja‘ūn(a).
[56]
Nya Mantenna nu ngahirupkeun tur nu ngamaotkeun, jeung mung ka Mantenna maranéh bakal dibalikkeun.
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاۤءَتْكُمْ مَّوْعِظَةٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَشِفَاۤءٌ لِّمَا فِى الصُّدُوْرِۙ وَهُدًى وَّرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِيْنَ٥٧
Yā ayyuhan-nāsu qad jā'atkum mau‘iẓatum mir rabbikum wa syifā'ul limā fiṣ-ṣudūr(i), wa hudaw wa raḥmatul lil-mu'minīn(a).
[57]
Hé manusa, sabenerna geus datang ka maranéh piwulang (Al-Qur’an) ti Pangéran maranéh, ubar pikeun (panyakit) nu aya dina dada, pituduh, jeung rahmat pikeun jalma-jalma mu’min.
قُلْ بِفَضْلِ اللّٰهِ وَبِرَحْمَتِهٖ فَبِذٰلِكَ فَلْيَفْرَحُوْاۗ هُوَ خَيْرٌ مِّمَّا يَجْمَعُوْنَ٥٨
Qul bifaḍlillāhi wa biraḥmatihī fa biżālika falyafraḥū, huwa khairum mimmā yajma‘ūn(a).
[58]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kalayan kurnia Allah jeung rahmat-Na, sakuduna ku alatan éta téh maranéhna bungah. Éta téh leuwih alus tibatan sagala anu geus dikumpul-kumpul ku maranéhna.
قُلْ اَرَءَيْتُمْ مَّآ اَنْزَلَ اللّٰهُ لَكُمْ مِّنْ رِّزْقٍ فَجَعَلْتُمْ مِّنْهُ حَرَامًا وَّحَلٰلًا ۗ قُلْ ءٰۤاللّٰهُ اَذِنَ لَكُمْ اَمْ عَلَى اللّٰهِ تَفْتَرُوْنَ٥٩
Qul ara'aitum mā anzalallāhu lakum mir rizqin fa ja‘altum minhu ḥarāmaw wa ḥalālā(n), qul āllāhu ażina lakum am ‘alallāhi taftarūn(a).
[59]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Terangkeun ka kuring ngeunaan rejeki anu ku Allah diturunkeun ka aranjeun, tuluy aranjeun ngajadikeun sabagianana haram jeung sabagianana deui halal.” Caritakeun deui, “Naha Allah geus méré ijin ka aranjeun (ngeunaan hal ieu), atawa aranjeun geus ngaya-ngayakeun (hiji perkara) kalayan atas nami Allah?”
وَمَا ظَنُّ الَّذِيْنَ يَفْتَرُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَذُوْ فَضْلٍ عَلَى النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَشْكُرُوْنَ ࣖ٦٠
Wa mā ẓannul-lażīna yaftarūna ‘alallāhil-każiba yaumal-qiyāmah(ti), innallāha lażū faḍlin ‘alan-nāsi wa lākinna akṡarahum lā yasykurūn(a).
[60]
Naon baé sangkaan jalma-jalma nu ngaya-ngayakeun kabohongan ka Allah (ngeunaan naon baé nu bakal dipasihkeun ku Allah ka maranéhna) dina Poé Kiamat? Sabenerna Allah bener-bener kagungan kurnia (anu dipaparinkeun ku Mantenna) ka manusa, tapi lolobana maranéhna téh henteu daék sukuran.
وَمَا تَكُوْنُ فِيْ شَأْنٍ وَّمَا تَتْلُوْا مِنْهُ مِنْ قُرْاٰنٍ وَّلَا تَعْمَلُوْنَ مِنْ عَمَلٍ اِلَّا كُنَّا عَلَيْكُمْ شُهُوْدًا اِذْ تُفِيْضُوْنَ فِيْهِۗ وَمَا يَعْزُبُ عَنْ رَّبِّكَ مِنْ مِّثْقَالِ ذَرَّةٍ فِى الْاَرْضِ وَلَا فِى السَّمَاۤءِ وَلَآ اَصْغَرَ مِنْ ذٰلِكَ وَلَآ اَكْبَرَ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍ مُّبِيْنٍ٦١
Wa mā takūnu fī sya'niw wa mā tatlū minhu min qur'āniw wa lā ta‘malūna min ‘amalin illā kunnā ‘alaikum syuhūdan iż tufīḍūna fīh(i), wa mā ya‘zubu ‘ar rabbika mim miṡqāli żarratin fil-arḍi wa lā fis-samā'i wa lā aṣgara min żālika wa lā akbara illā fī kitābim mubīn(in).
[61]
Hidep (Muhammad) teu pati-pati aya dina hiji urusan, teu pati-pati maca hiji ayat tina Al-Qur’an, jeung teu pati-pati milampah hiji pagawéan, kajaba Kami jadi saksi pikeun aranjeun waktu milampah (éta kabéh). Moal aya nu bisa leupas tina (pangaweruh) Pangéran sanajan sagedé żarrah, boh di bumi boh di langit. Moal aya hiji perkara ogé nu leuwih leutik jeung moal aya hiji perkara anu leuwih gedé tibatan éta, kajaba kabéhanana dicatet dina Kitab anu nyata (Loh Mahpud).
اَلَآ اِنَّ اَوْلِيَاۤءَ اللّٰهِ لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَۚ٦٢
Alā inna auliyā'allāhi lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[62]
Sing inget yén sabenerna pikeun wali-wali Allah mah teu aya rasa hariwang anu datang ka aranjeunna, jeung aranjeunna mah moal (ngarasa) sedih.
اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوْا يَتَّقُوْنَۗ٦٣
Al-lażīna āmanū wa kānū yattaqūn(a).
[63]
Nyaéta jalma-jalma anu iman tur salawasna takwa.
لَهُمُ الْبُشْرٰى فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِى الْاٰخِرَةِۗ لَا تَبْدِيْلَ لِكَلِمٰتِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُۗ٦٤
Lahumul-busyrā fil-ḥayātid-dun-yā wa fil-ākhirah(ti), lā tabdīla likalimātillāh(i), żālika huwal-fauzul-‘aẓīm((u).
[64]
Pikeun aranjeunna aya béja pikabungaheun dina kahirupan dunya jeung dina kahirupan ahérat. Moal aya parobahan pikeun kalimah-kalimah (katetepan jeung jangji) Allah. Éta anu kitu téh kabagjaan anu kacida gedéna.
وَلَا يَحْزُنْكَ قَوْلُهُمْۘ اِنَّ الْعِزَّةَ لِلّٰهِ جَمِيْعًاۗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٦٥
Wa lā yaḥzunka qauluhum, innal-‘izzata lillāhi jamī‘ā(n), huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[65]
Hidep (Muhamammad) ulah ngarasa sedih ku omongan maranéhna. Sabenerna kakawasaan téh sakabéhna kagungan Allah. Apan Mantenna mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
اَلَآ اِنَّ لِلّٰهِ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِۗ وَمَا يَتَّبِعُ الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ شُرَكَاۤءَ ۗاِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنْ هُمْ اِلَّا يَخْرُصُوْنَ٦٦
Alā inna lillāhi man fis-samāwāti wa man fil-arḍ(i), wa mā yattabi‘ul-lażīna yad‘ūna min dūnillāhi syurakā'(a), iy yattabi‘ūna illaẓ-ẓanna wa in hum illā yakhruṣūn(a).
[66]
Sing inget yén sabenerna mung kagungan Allah sakabéh anu aya di langit jeung nu aya di bumi. Jalma-jalma anu nyembah ka sarékat-sarékat salian ti Allah teu nurut kana (hiji kayakinan). Maranéhna téh teu nurut anging kana sangkaan wungkul. Maranéhna ngan saukur nyangka wungkul.
هُوَ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الَّيْلَ لِتَسْكُنُوْا فِيْهِ وَالنَّهَارَ مُبْصِرًا ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّسْمَعُوْنَ٦٧
Huwal-lażī ja‘ala lakumul-laila litaskunū fīhi wan-nahāra mubṣirā(n), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yasma‘ūn(a).
[67]
Mantenna anu ngajadikeun peuting pikeun maranéh sangkan maranéh istirahat dina éta (waktu), jeung anu ngajadikeun beurang caang (sangkan maranéh néangan kurnia Allah). Sabenerna dina éta kajadian téh aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu (daék) ngadéngé.
قَالُوا اتَّخَذَ اللّٰهُ وَلَدًا سُبْحٰنَهٗ ۗ هُوَ الْغَنِيُّ ۗ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ اِنْ عِنْدَكُمْ مِّنْ سُلْطٰنٍۢ بِهٰذَاۗ اَتَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٦٨
Qāluttakhażallāhu waladan subḥānah(ū), huwal-ganiyy(u), lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), in ‘indakum min sulṭānim bihāżā, ataqūlūna ‘alallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[68]
Maranéhna (nu nyarékatkeun Allah saperti Yahudi jeung Nasrani) ngomong kieu, “Allah téh kagungan putra.” Mahasuci Allah. Mantenna mah Mahasugih. Mung kagungan Mantenna sakabéh nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Maranéh henteu boga alesan nu kuat ngeunaan ieu. Naha pantes maranéh ngomongkeun ngeunaan Allah ku perkara-perkara anu maranéh sorangan teu nyaho?
قُلْ اِنَّ الَّذِيْنَ يَفْتَرُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ لَا يُفْلِحُوْنَۗ٦٩
Qul innal-lażīna yaftarūna ‘alallāhil-każiba lā yufliḥūn(a).
[69]
Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna jalma-jalma nu nyieun-nyieun kabohongan ka Allah téh moal untung.”
مَتَاعٌ فِى الدُّنْيَا ثُمَّ اِلَيْنَا مَرْجِعُهُمْ ثُمَّ نُذِيْقُهُمُ الْعَذَابَ الشَّدِيْدَ بِمَا كَانُوْا يَكْفُرُوْنَ ࣖ٧٠
Matā‘un fid-dun-yā ṡumma ilainā marji‘uhum ṡumma nużīquhumul-‘ażābasy syadīda bimā kānū yakfurūn(a).
[70]
(Keur maranéhna) kasenangan (sawatara) keur di dunya, saterusna ngan ka Kami tempat maranéhna balik. Tuluy Kami nibankeun ka maranéhna siksaan nu kacida beuratna bongan maranéhna terus-terusan kapir.
۞ وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَاَ نُوْحٍۘ اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖ يٰقَوْمِ اِنْ كَانَ كَبُرَ عَلَيْكُمْ مَّقَامِيْ وَتَذْكِيْرِيْ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ فَعَلَى اللّٰهِ تَوَكَّلْتُ فَاَجْمِعُوْٓا اَمْرَكُمْ وَشُرَكَاۤءَكُمْ ثُمَّ لَا يَكُنْ اَمْرُكُمْ عَلَيْكُمْ غُمَّةً ثُمَّ اقْضُوْٓا اِلَيَّ وَلَا تُنْظِرُوْنِ٧١
Watlu ‘alaihim naba'a nūḥ(in), iż qāla liqaumihī yā qaumi in kāna kabura ‘alaikum maqāmī wa tażkīrī bi'āyātillāhi fa ‘alallāhi tawakkaltu fa ajmi‘ū amrakum wa syurakā'akum ṡumma lā yakun amrukum ‘alaikum gummatan ṡummaqḍū ilayya wa lā tunẓirūn(i).
[71]
Baca (dugikeun ku hidep Muhammad) ka maranéhna béja penting ngeunaan Nuh, waktu anjeunna nyarios ka kaomna, “Hé kaom kuring, lamun seug aranjeun ngarasa beurat cicing jeung kuring (babarengan jeung kuring), jeung (ngarasa beurat ku) panggeuing kuring (ka aranjeun) ku ayat-ayat Allah, mangka ngan ka Allah kuring tawekal. Ku kituna, geura buleudkeun putusan aranjeun jeung geura kumpulkeun sarékat-sarékat aranjeun (pikeun ngabinasakeun kuring), tuluy éta putusan aranjeun téh tong dirasiahkeun. Tuluy geura jalankeun ka kuring ulah diengkékeun deui (éta tindakan) ka kuring.
فَاِنْ تَوَلَّيْتُمْ فَمَا سَاَلْتُكُمْ مِّنْ اَجْرٍۗ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلَى اللّٰهِ ۙوَاُمِرْتُ اَنْ اَكُوْنَ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ٧٢
Fa in tawallaitum famā sa'altukum min ajr(in), in ajriya illā ‘alallāh(i), wa umirtu an akūna minal-muslimīn(a).
[72]
Upama aranjeun ngabalieur (tina panggeuing kuring), kuring moal ménta buruh ti aranjeun saeutik ogé. Buruh kuring teu aya deui anging ti Allah, jeung kuring dipiwarang sangkan asup kana golongan jalma-jalma muslim.”
فَكَذَّبُوْهُ فَنَجَّيْنٰهُ وَمَنْ مَّعَهٗ فِى الْفُلْكِ وَجَعَلْنٰهُمْ خَلٰۤىِٕفَ وَاَغْرَقْنَا الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۚ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُنْذَرِيْنَ٧٣
Fa każżabūhu fa najjaināhu wa mam ma‘ahū fil-fulki wa ja‘alnāhum khalā'ifa wa agraqnal-lażīna każżabū bi'āyātinā, fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-munżarīn(a).
[73]
Maranéhna ngabohongkeun ka anjeunna (Nuh), tuluy Kami nyalametkeun anjeunna jeung jalma-jalma nu babarengan jeung anjeunna dina parahu. Kami ngajadikeun aranjeunna kalipah (nu nyekel kakawasaan). Kami ngéremkeun jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami. Ku kituna, pék titénan kumaha balukarna jalma-jalma anu dibéré panggeuing téh.
ثُمَّ بَعَثْنَا مِنْۢ بَعْدِهٖ رُسُلًا اِلٰى قَوْمِهِمْ فَجَاۤءُوْهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَمَا كَانُوْا لِيُؤْمِنُوْا بِمَا كَذَّبُوْا بِهٖ مِنْ قَبْلُ ۗ كَذٰلِكَ نَطْبَعُ عَلٰى قُلُوْبِ الْمُعْتَدِيْنَ٧٤
Ṡumma ba‘aṡnā mim ba‘dihī rusulan ilā qaumihim fa jā'ūhum bil-bayyināti famā kānū liyu'minū bimā każżabū bihī min qabl(u), każālika naṭba‘u ‘alā qulūbil-mu‘tadīn(a).
[74]
Tuluy Kami ngutus sanggeus anjeunna (Nuh) sababaraha rasul ka kaomna (masing-masing). Éta rasul téh datang ka maranéhna bari mawa katerangan-katerangan anu nyata, tapi maranéhna embungeun iman sabab baheula ogé geus (biasa) ngabohongkeunana. Tah saperti kitu Kami ngonci haté jalma-jalma anu ngaliwatan wates.
ثُمَّ بَعَثْنَا مِنْۢ بَعْدِهِمْ مُّوْسٰى وَهٰرُوْنَ اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖ بِاٰيٰتِنَا فَاسْتَكْبَرُوْا وَكَانُوْا قَوْمًا مُّجْرِمِيْنَ٧٥
Ṡumma ba‘aṡnā mim ba‘dihim mūsā wa hārūna ilā fir‘auna wa mala'ihī bi'āyātinā fastakbarū wa kānū qaumam mujrimīn(a).
[75]
Tuluy sanggeusna éta (rasul-rasul), Kami ngutus Musa jeung Harun ka Fir’aun jeung gegedén-gegedén kaomna, kalayan mawa tanda-tanda (kakawasaan) Kami, tapi maranéhna kalah ka nyombongkeun diri, jeung maranéhna téh kaom anu doraka.
فَلَمَّا جَاۤءَهُمُ الْحَقُّ مِنْ عِنْدِنَا قَالُوْٓا اِنَّ هٰذَا لَسِحْرٌ مُّبِيْنٌ٧٦
Falammā jā'ahumul-ḥaqqu min ‘indinā qālū inna hāżā lasiḥrum mubīn(un).
[76]
Dina waktu datang ka maranéhna bebeneran (mujijat) ti mungguhing Kami, maranéhna ngomong kieu, “Sabenerna ieu téh sihir anu nyata.”
قَالَ مُوْسٰٓى اَتَقُوْلُوْنَ لِلْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَكُمْ ۗ اَسِحْرٌ هٰذَاۗ وَلَا يُفْلِحُ السّٰحِرُوْنَ٧٧
Qāla mūsā ataqūlūna lil-ḥaqqi lammā jā'akum, asiḥrun hāżā, wa lā yufliḥus-sāḥirūn(a).
[77]
Musa nyarios, “Naha (pantes) maranéh nyebutkeun kana bebeneran (mujijat) nu datang ka maranéh, ‘ari ieu téh sihir’? Padahal ari tukang-tukang sihir mah moal meunang kaunggulan.”
قَالُوْٓا اَجِئْتَنَا لِتَلْفِتَنَا عَمَّا وَجَدْنَا عَلَيْهِ اٰبَاۤءَنَا وَتَكُوْنَ لَكُمَا الْكِبْرِيَاۤءُ فِى الْاَرْضِۗ وَمَا نَحْنُ لَكُمَا بِمُؤْمِنِيْنَ٧٨
Qālū aji'tanā litalfitanā ‘ammā wajadnā ‘alaihi ābā'anā wa takūna lakumal-kibriyā'u fil-arḍ(i), wa mā naḥnu lakumā bimu'minīn(a).
[78]
Maranéhna ngomong deui, “Naha anjeun (Musa) datang ka kuring saréréa téh pikeun méngkolkeun kuring saréréa tina naon-naon anu ku kuring saréréa kapanggih dipilampah ku karuhun kuring saréréa jeung sangkan aranjeun duaan kumawasa di ieu bumi (nagri Mesir)? Kalah kumaha ogé kuring saréréa mah moal rék percaya ka aranjeun duaan.”
وَقَالَ فِرْعَوْنُ ائْتُوْنِيْ بِكُلِّ سٰحِرٍ عَلِيْمٍ٧٩
Wa qāla fir‘aunu'tūnī bikulli sāḥirin ‘alīm(in).
[79]
Fir’aun nyarita (ka gegedén-gegedén kaomna), “Datangkeun ku maranéh ka kuring sakabéh ahli-ahli sihir anu jarago!”
فَلَمَّا جَاۤءَ السَّحَرَةُ قَالَ لَهُمْ مُّوْسٰٓى اَلْقُوْا مَآ اَنْتُمْ مُّلْقُوْنَ٨٠
Falammā jā'as-saḥaratu qāla lahum mūsā alqū mā antum mulqūn(a).
[80]
Mangka, waktu daratang ahli-ahli téa, Musa nyanggem ka maranéhna. “Alungkeun ku maranéh naon baé anu ku maranéh rék dialungkeun!”
فَلَمَّآ اَلْقَوْا قَالَ مُوْسٰى مَا جِئْتُمْ بِهِ ۙالسِّحْرُۗ اِنَّ اللّٰهَ سَيُبْطِلُهٗۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُصْلِحُ عَمَلَ الْمُفْسِدِيْنَ ࣖ٨١
Falammā alqau qāla mūsā mā ji'tum bihis-siḥr(u), innallāha sayubṭiluh(ū), innallāha lā yuṣliḥu ‘amalal-mufsidīn(a).
[81]
Sanggeus tukang-tukang sihir ngalungkeun (tambang), Musa nyarios, “Sagala rupa anu ku aranjeun dipibawa téh éta pisan anu nyata-nyata sihir mah! Saleresna Allah bakal ngabatalkeun (ngéléhkeun) kana éta (sihir). Saleresna Allah moal rék ngantep kalakuan jalma-jalma anu nyieun karuksakan.”
وَيُحِقُّ اللّٰهُ الْحَقَّ بِكَلِمٰتِهٖ وَلَوْ كَرِهَ الْمُجْرِمُوْنَ٨٢
Wa yuḥiqqullāhul-ḥaqqa bikalimātihī wa lau karihal-mujrimūn(a).
[82]
Allah bakal mengkuhkeun anu bener ku katetapan-katetapana-Na, sok sanajan jalma-jalma anu doraka mah teu misuka.
فَمَآ اٰمَنَ لِمُوْسٰىٓ اِلَّا ذُرِّيَّةٌ مِّنْ قَوْمِهٖ عَلٰى خَوْفٍ مِّنْ فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهِمْ اَنْ يَّفْتِنَهُمْ ۗوَاِنَّ فِرْعَوْنَ لَعَالٍ فِى الْاَرْضِۚ وَاِنَّهٗ لَمِنَ الْمُسْرِفِيْنَ٨٣
Famā āmana limūsā illā żurriyyatum min qaumihī ‘alā khaufim min fir‘auna wa mala'ihim ay yaftinahum, wa inna fir‘auna la‘ālin fil-arḍ(i), wa innahū laminal-musrifīn(a).
[83]
Henteu aya anu iman ka Musa anging turunan ti kaomna (Musa), éta ogé bari sarieuneun ku Fir’aun jeung gegedén kaomna anu bakal nyiksa maranéhna. Sabenerna Fir’aun téh tétéla geus sawenang-wenang di ieu bumi, jeung sabenerna manéhna téh kaasup kana golongan anu ngaliwatan wates.
وَقَالَ مُوْسٰى يٰقَوْمِ اِنْ كُنْتُمْ اٰمَنْتُمْ بِاللّٰهِ فَعَلَيْهِ تَوَكَّلُوْٓا اِنْ كُنْتُمْ مُّسْلِمِيْنَ٨٤
Wa qāla mūsā yā qaumi in kuntum āmantum billāhi fa ‘alaihi tawakkalū in kuntum muslimīn(a).
[84]
Musa nyarios, “Hé kaom kuring, lamun aranjeun iman ka Allah, mangka ka Mantenna wungkul aranjeun kudu tawekal, lamun bener mah aranjeun jadi jalma-jalma muslim (anu sumerah diri ka Allah).”
فَقَالُوْا عَلَى اللّٰهِ تَوَكَّلْنَا ۚرَبَّنَا لَا تَجْعَلْنَا فِتْنَةً لِّلْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٨٥
Fa qālū ‘alallāhi tawakkalnā, rabbanā lā taj‘alnā fitnatal lil-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[85]
Terus maranéhna nyarita, “Ngan wungkul ka Allah abdi sadaya tawekal, Nun Pangéran abdi sada! Mugi Gusti ulah ngajantenkeun abdi sadaya jadi (sasaran) pitnah pikeun kaom anu dolim.
وَنَجِّنَا بِرَحْمَتِكَ مِنَ الْقَوْمِ الْكٰفِرِيْنَ٨٦
Wa najjinā biraḥmatika minal-qaumil-kāfirīn(a).
[86]
Mugi Gusti nyalametkeun abdi sadaya kalayan rahmat Gusti tina (tipu daya) jalma-jalma kapir.”
وَاَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰى وَاَخِيْهِ اَنْ تَبَوَّاٰ لِقَوْمِكُمَا بِمِصْرَ بُيُوْتًا وَّاجْعَلُوْا بُيُوْتَكُمْ قِبْلَةً وَّاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَۗ وَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِيْنَ٨٧
Wa auḥainā ilā mūsā wa akhīhi an tabawwa'ā liqaumikumā bimiṣra buyūtaw waj‘alū buyūtakum qiblataw wa aqīmuṣ-ṣalāh(ta), wa basysyiril-mu'minīn(a).
[87]
Kami geus ngawahyukeun ka Musa jeung dulurna (Harun), “Candak ku aranjeun duaaan sababaraha imah nu aya di Mesir pikeun padumukan kaom aranjeun, jeung jadikeun imah-imah aranjeun téh tempat kiblat (tempat ibadah), adegkeun salat, jeung bubungah ku hidep jalma-jalma mu’min.”
وَقَالَ مُوْسٰى رَبَّنَآ اِنَّكَ اٰتَيْتَ فِرْعَوْنَ وَمَلَاَهٗ زِيْنَةً وَّاَمْوَالًا فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۗ رَبَّنَا لِيُضِلُّوْا عَنْ سَبِيْلِكَ ۚرَبَّنَا اطْمِسْ عَلٰٓى اَمْوَالِهِمْ وَاشْدُدْ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ فَلَا يُؤْمِنُوْا حَتّٰى يَرَوُا الْعَذَابَ الْاَلِيْمَ٨٨
Wa qāla mūsā rabbanā innaka ātaita fir‘auna wa mala'ahū zīnataw wa amwālan fil-ḥayātid-dun-yā, rabbanā liyuḍillū ‘an sabīlik(a), rabbanaṭmis ‘alā amwālihim wasydud ‘alā qulūbihim falā yu'minū ḥattā yarawul-‘ażābal-alīm(a).
[88]
Musa nyarios, “Nun gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna Gusti tos maparin ka Fir’aun sareng ka gegedén kaomna perhiasan sareng harta kakayaan (anu seueur) dina kahirupan dunya. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, (akibat tina pamasihan éta téh) maranéhna geus nyasarkeun (manusa) tina jalan Gusti. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngabinasakeun harta banda maranéhna tur konci haténa nepi ka maranéhna henteu iman jeung nénjo siksaan anu kacida nyerina.”
قَالَ قَدْ اُجِيْبَتْ دَّعْوَتُكُمَا فَاسْتَقِيْمَا وَلَا تَتَّبِعٰۤنِّ سَبِيْلَ الَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ٨٩
Qāla qad ujībad da‘watukumā fastaqīmā wa lā tattabi‘ānni sabīlal-lażīna lā ya‘lamūn(a).
[89]
Mantenna (Allah) ngadawuh, “Saenyana paménta aranjeun duaan téh bener-bener geus diijabah. Ku sabab éta, aranjeun duaan kudu tetep istikomah (dina jalan nu lempeng), jeung kadé aranjeun duaan ulah pisan nuturkeun jalan jalma-jalma anu teu nyaho.”
۞ وَجَاوَزْنَا بِبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ الْبَحْرَ فَاَتْبَعَهُمْ فِرْعَوْنُ وَجُنُوْدُهٗ بَغْيًا وَّعَدْوًا ۗحَتّٰىٓ اِذَآ اَدْرَكَهُ الْغَرَقُ قَالَ اٰمَنْتُ اَنَّهٗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا الَّذِيْٓ اٰمَنَتْ بِهٖ بَنُوْٓا اِسْرَاۤءِيْلَ وَاَنَا۠ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ٩٠
Wa jāwaznā bibanī isrā'īlal-baḥra fa atba‘ahum fir‘aunu wa junūduhū bagyaw wa ‘adwā(n), ḥattā iżā adrakahul-garaqu qāla āmantu annahū lā ilāha illal-lażī āmanat bihī banū isrā'īla wa ana minal-muslimīn(a).
[90]
Kami geus ngajadikeun Bani Israél bisa meuntas lautan éta (Laut Merah). Tuluy Fir’aun katut bala wadyabaladna téh ngudag ka maranéhna ku lantaran rék nganiaya jeung nandasa (maranéhna), nepi ka waktu Fir’aun kekerelepan (hampir paéh) titeuleum, manéhna ngomong, “Abdi iman yén teu aya deui Pangéran (anu kawasa jeung hak disembah) anging Pangéran anu diimanan ku Bani Israél, sareng abdi kalebet ti antawis muslimin (anu sumerah diri ka Allah).”
اٰۤلْـٰٔنَ وَقَدْ عَصَيْتَ قَبْلُ وَكُنْتَ مِنَ الْمُفْسِدِيْنَ٩١
Āl'āna wa qad ‘aṣaita qablu wa kunta minal-mufsidīn(a).
[91]
Naha (karék) ayeuna (manéh iman) padahal manéh téh bener-bener geus doraka ti baheula jeung manéh téh kaasup kana golongan jalma-jalma anu nyieun karuksakan?
فَالْيَوْمَ نُنَجِّيْكَ بِبَدَنِكَ لِتَكُوْنَ لِمَنْ خَلْفَكَ اٰيَةً ۗوَاِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ النَّاسِ عَنْ اٰيٰتِنَا لَغٰفِلُوْنَ ࣖ٩٢
Fal yauma nunajjīka bibadanika litakūna liman khalfaka āyah(tan), wa inna kaṡīram minan-nāsi ‘an āyātinā lagāfilūn(a).
[92]
Mangka, dina ieu poé Kami nyalametkeun jasad manéh (hé Fir’aun) sangkan manéh jadi atikan pikeun jalma-jalma sanggeus manéh, tapi sabenerna lolobana manusa lengah (teu maliré) kana tanda-tanda (kakawasaan) Kami.
وَلَقَدْ بَوَّأْنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ مُبَوَّاَ صِدْقٍ وَّرَزَقْنٰهُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِ ۚفَمَا اخْتَلَفُوْا حَتّٰى جَاۤءَهُمُ الْعِلْمُ ۗاِنَّ رَبَّكَ يَقْضِيْ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ٩٣
Wa laqad bawwa'nā banī isrā'īla mubawwa'a ṣidqiw wa razaqnāhum minaṭ-ṭayyibāt(i), famākhtalafū ḥattā jā'ahumul-‘ilm(u), inna rabbaka yaqḍī bainahum yaumal-qiyāmati fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[93]
Sabenerna Kami geus nempatkeun Bani Israél di padumukan anu bener (alus jeung nyaman, nyaéta Nagri Mesir jeung Nagri Syam), jeung Kami geus maparin rejeki ka maranéhna anu hadé. Tuluy, maranéhna téh henteu aya dina pasalia paham nepi ka datang ka maranéhna élmu (nu disebut dina kitab Torét). Saleresna Pangéran hidep bakal mutuskeun perkara anu jadi pasalia paham di antara maranéhna dina Poé Kiamat.
فَاِنْ كُنْتَ فِيْ شَكٍّ مِّمَّآ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ فَسْـَٔلِ الَّذِيْنَ يَقْرَءُوْنَ الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِكَ ۚ لَقَدْ جَاۤءَكَ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ فَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُمْتَرِيْنَۙ٩٤
Fa in kunta fī syakkim mimmā anzalnā ilaika fas'alil-lażīna yaqra'ūnal-kitāba min qablik(a), laqad jā'akal-ḥaqqu mir rabbika falā takūnanna minal-mumtarīn(a).
[94]
Mangka, upama hidep (Muhammad) aya dina kamangmangan kana sagala (carita nabi-nabi baheula) anu ku Kami geus diturunkeun ka hidep, geura tanyakeun ku hidep ka jalma-jalma anu maca Kitab saméméh hidep. Sabenerna geus datang ka hidep bebeneran ti Pangéran hidep. Ku sabab éta, omat hidep ulah pisan-pisan kaasup golongan jalma-jalma anu mangmang.
وَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ فَتَكُوْنَ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ٩٥
Wa lā takūnanna minal-lażīna każżabū bi'āyātillāhi fa takūna minal-khāsirīn(a).
[95]
Omat hidep ulah pisan-pisan jadi golongan jalma-jalma anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Allah anu nyebabkeun hidep kaasup golongan anu rugi.
اِنَّ الَّذِيْنَ حَقَّتْ عَلَيْهِمْ كَلِمَةُ رَبِّكَ لَا يُؤْمِنُوْنَ٩٦
Innal-lażīna ḥaqqat ‘alaihim kalimatu rabbika lā yu'minūn(a).
[96]
Sabenerna jalma-jalma anu geus dipastikeun meunang katangtuan 435 Pangéran hidep, maranéhna moal daékeun iman.
435) Jalma-jalma nu geus ditetepkeun ku Allah takdirna di Loh Mahpud, yén maranéhna bakal paéh dina kakapiran jeung salawasna ogé moal rék iman.
وَلَوْ جَاۤءَتْهُمْ كُلُّ اٰيَةٍ حَتّٰى يَرَوُا الْعَذَابَ الْاَلِيْمَ٩٧
Wa lau jā'athum kullu āyatin ḥattā yarawul-‘ażābal-alīm(a).
[97]
Sok sanajan sagala tanda-tanda (kaagungan Allah) datang ka maranéhna, (maranéhna moal daék iman) nepi ka maranéhna nyaksian siksaan anu kacida nyerina.
فَلَوْلَا كَانَتْ قَرْيَةٌ اٰمَنَتْ فَنَفَعَهَآ اِيْمَانُهَآ اِلَّا قَوْمَ يُوْنُسَۗ لَمَّآ اٰمَنُوْا كَشَفْنَا عَنْهُمْ عَذَابَ الْخِزْيِ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَمَتَّعْنٰهُمْ اِلٰى حِيْنٍ٩٨
Falau lā kānat qaryatun āmanat fa nafa‘ahā īmānuhā illā qauma yūnus(a), lammā āmanū kasyafnā ‘anhum ‘ażābal-khizyi fil-ḥayātid-dun-yā wa matta‘nāhum ilā ḥīn(in).
[98]
Kunaon euweuh (pangeusi) hiji nagri anu iman nepi ka imanna téh mangpaat pikeun maranéhna, kajaba ti kaom Yunus? Nalika maranéhna (kaom Yunus téh) iman, Kami ngaleungitkeun siksaan anu matak hina ti maranéhna dina kahirupan dunya, jeung Kami maparin kasenangan hirup (sawatara) ka maranéhna (di dunya) nepi kana waktu anu ditangtukeun.
وَلَوْ شَاۤءَ رَبُّكَ لَاٰمَنَ مَنْ فِى الْاَرْضِ كُلُّهُمْ جَمِيْعًاۗ اَفَاَنْتَ تُكْرِهُ النَّاسَ حَتّٰى يَكُوْنُوْا مُؤْمِنِيْنَ٩٩
Wa lau syā'a rabbuka la'āmana man fil-arḍi kulluhum jamī‘ā(n), afa anta tukrihun-nāsa ḥattā yakūnū mu'minīn(a).
[99]
Upama Pangéran hidep ngersakeun, tangtu manusa nu aya di ieu bumi sakabéhna iman. Naha hidep (Muhammad) rék maksa ka manusa sangkan maranéhna téh jadi jalma-jalma anu iman?
وَمَا كَانَ لِنَفْسٍ اَنْ تُؤْمِنَ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَيَجْعَلُ الرِّجْسَ عَلَى الَّذِيْنَ لَا يَعْقِلُوْنَ١٠٠
Wa mā kāna linafsin an tu'mina illā bi'iżnillāh(i), wa yaj‘alur-rijsa ‘alal-lażīna lā ya‘qilūn(a).
[100]
Moal aya saurang ogé anu iman, anging kalayan widi ti Allah. Allah bakal nibankeun siksaan ka jalma-jalma anu henteu daék ngarti.
قُلِ انْظُرُوْا مَاذَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ ۗوَمَا تُغْنِى الْاٰيٰتُ وَالنُّذُرُ عَنْ قَوْمٍ لَّا يُؤْمِنُوْنَ١٠١
Qulinẓurū māżā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa mā tugnil-āyātu wan-nużuru ‘an qaumil lā yu'minūn(a).
[101]
Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Titénan sagala anu aya di langit jeung bumi!” Moal aya gunana tanda-tanda (kakawasaan Allah) jeung pépéling éta (pikeun ngahindar tina siksa Allah) pikeun jalma-jalma anu teu iman.
فَهَلْ يَنْتَظِرُوْنَ اِلَّا مِثْلَ اَيَّامِ الَّذِيْنَ خَلَوْا مِنْ قَبْلِهِمْۗ قُلْ فَانْتَظِرُوْٓا اِنِّيْ مَعَكُمْ مِّنَ الْمُنْتَظِرِيْنَ١٠٢
Fahal yantaẓirūna illā miṡla ayyāmil-lażīna khalau min qablihim, qul fantaẓirū innī ma‘akum minal-muntaẓirīn(a).
[102]
Maranéhna moal ngadagoan anging saperti poé-poé (kajadian-kajadian) anu sarua jeung kajadian (anu tumiba) ka jalma-jalma baheula saméméh maranéhna. Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Geura dagoan ku aranjeun (siksa Allah). Sabenerna kuring ogé babarengan jeung aranjeun kaasup golongan anu ngadagoan.”
ثُمَّ نُنَجِّيْ رُسُلَنَا وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كَذٰلِكَ ۚحَقًّا عَلَيْنَا نُنْجِ الْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ١٠٣
Ṡumma nunajjī rusulanā wal-lażīna āmanū każālik(a), ḥaqqan ‘alainā nunjil-mu'minīn(a).
[103]
Tuluy, Kami nyalametkeun rasul-rasul Kami jeung jalma-jalma anu iman. Da apan katangtuan Kami nyalametkeun jalma-jalma anu iman mah!
قُلْ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنْ كُنْتُمْ فِيْ شَكٍّ مِّنْ دِيْنِيْ فَلَآ اَعْبُدُ الَّذِيْنَ تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلٰكِنْ اَعْبُدُ اللّٰهَ الَّذِيْ يَتَوَفّٰىكُمْ ۖ وَاُمِرْتُ اَنْ اَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَۙ١٠٤
Qul yā ayyuhan nāsu in kuntum fī syakkim min dīnī falā a‘budul-lażīna ta‘budūna min dūnillāhi wa lākin a‘budullāhal-lażī yatawaffākum, wa umirtu an akūna minal-mu'minīn(a).
[104]
Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé manusa, lamun aranjeun mangmang ngeunaan agama kuring, kuring henteu nyembah ka (naon baé atawa saha baé) anu ku aranjeun disembah salian ti Allah. Tapi kuring nyembah ka Allah anu bakal ngamaotkeun aranjeun. Kuring diparéntah sangkan asup golongan jalma-jalma mu’min.
وَاَنْ اَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۚ وَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٠٥
Wa an aqim wajhaka lid-dīni ḥanīfā(n), wa lā takūnanna minal-musyrikīn(a).
[105]
Kuring ogé meunang paréntah (pikeun ngucapkeun), ‘Sanghareupkeun pameunteu hidep kana agama (Islam) kalayan lempeng, jeung omat sakali-kali hidep ulah kaasup jalma musrik!’”
وَلَا تَدْعُ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَنْفَعُكَ وَلَا يَضُرُّكَ ۚفَاِنْ فَعَلْتَ فَاِنَّكَ اِذًا مِّنَ الظّٰلِمِيْنَ١٠٦
Wa lā tad‘u min dūnillāhi mā lā yanfa‘uka wa lā yaḍurruk(a), fa in fa‘alta fa innaka iżam minaẓ-ẓālimīn(a).
[106]
Omat hidep ulah nyembah salain Allah, anu teu méré mangpaat ka hidep jeung henteu (ogé) méré madarat ka hidep, sabab upama hidep milampah (nu kitu), sabenerna hidep téh kaasup golongan anu dolim.
وَاِنْ يَّمْسَسْكَ اللّٰهُ بِضُرٍّ فَلَا كَاشِفَ لَهٗ ٓاِلَّا هُوَ ۚوَاِنْ يُّرِدْكَ بِخَيْرٍ فَلَا رَاۤدَّ لِفَضْلِهٖۗ يُصِيْبُ بِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ ۗوَهُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ١٠٧
Wa iy yamsaskallāhu biḍurrin falā kāsyifa lahū illā huw(a), wa iy yuridka bikhairin falā rādda lifaḍlih(ī), yuṣību bihī may yasyā'u min ‘ibādih(ī), wa huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[107]
Upama Allah nibankeun kamadaratan ka hidep, moal aya anu bisa ngaleungitkeunana anging Mantenna. Upama Allah ngersakeun maparin kahadéan ka hidep, mangka moal aya nu bisa nolak kana kurnia-Na. Mantenna maparinkeun éta kahadéen ka saha baé nu dikersakeun ti antara hamba-hamba-Na. Mantenna téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahawelas.
قُلْ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاۤءَكُمُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكُمْ ۚفَمَنِ اهْتَدٰى فَاِنَّمَا يَهْتَدِيْ لِنَفْسِهٖ ۚوَمَنْ ضَلَّ فَاِنَّمَا يَضِلُّ عَلَيْهَا ۚوَمَآ اَنَا۠ عَلَيْكُمْ بِوَكِيْلٍۗ١٠٨
Qul yā ayyuhan-nāsu qad jā'akumul-ḥaqqu mir rabbikum, fa manihtadā fa innamā yahtadī linafsih(ī), wa man ḍalla fa innamā yaḍillu ‘alaihā, wa mā ana ‘alaikum biwakīl(in).
[108]
Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé manusa, sabenerna geus datang ka aranjeun bebeneran (Al-Qur’an) ti Pangéran aranjeun. Saha baé jalma anu meunang pituduh, mangka sabenerna (éta pituduh téh mangpaat) pikeun dirina sorangan. Saha baé jalma anu sasar, mangka sabenerna sasarna téh (nyilakakeun) dirina sorangan. Kuring mah lain nu ngajaga kana diri aranjeun.”
وَاتَّبِعْ مَا يُوْحٰىٓ اِلَيْكَ وَاصْبِرْ حَتّٰى يَحْكُمَ اللّٰهُ ۚوَهُوَ خَيْرُ الْحٰكِمِيْنَ ࣖ١٠٩
Wattabi‘ mā yūḥā ilaika waṣbir ḥattā yaḥkumallāh(u), wa huwa khairul-ḥākimīn(a).
[109]
Kudu tumut hidep kana sagala anu diwahyukeun ka hidep, jeung kudu sabar nepi ka Allah maparin putusan. Mantenna téh Hakim Anu Pangsaé-saéna.