Surah Al-Fatihah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ١
Bismillāhir-raḥmānir-raḥīm(i).
[1]
Kalayan (nyebat) jenengan Allah Nu Mahawelas (tur) Nu Mahaasih.
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَۙ٢
Al-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[2]
Sagala puji kagungan Allah, Pangéran sakumna alam.
الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِۙ٣
Ar-raḥmānir-raḥīm(i).
[3]
Nu Mahawelas (tur) Nu Mahaasih.
مٰلِكِ يَوْمِ الدِّيْنِۗ٤
Māliki yaumid-dīn(i).
[4]
Anu kagungan dinten wawales. 1
1) Yaumid-dīn (dinten wawales), poé nalika manusa narima wawales amalna, alus atawa goréng. Disebut ogé yaumul qiyāmah, yaumul ḥisāb, jeung sajabana.
اِيَّاكَ نَعْبُدُ وَاِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُۗ٥
Iyyāka na‘budu wa iyyāka nasta‘īn(u),
[5]
Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
اِهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيْمَۙ٦
Ihdinaṣ-ṣirāṭal-mustaqīm(a).
[6]
Paparin abdi sadaya pituduh kana jalan (agama) anu lempeng, 2
2) Jalan anu lempeng nyaéta jalan hirup anu bener, anu ngadatangkeun kabagjaan di dunya tur di ahérat.
صِرَاطَ الَّذِيْنَ اَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ ەۙ غَيْرِ الْمَغْضُوْبِ عَلَيْهِمْ وَلَا الضَّاۤلِّيْنَ ࣖ٧
Ṣirāṭal-lażīna an‘amta ‘alaihim, gairil-magḍūbi ‘alaihim wa laḍ-ḍāllīn(a).
[7]
(nyaéta) jalanna jalmi-jalmi nu parantos dipaparinan ni’mat ku Gusti, sanés jalanna jalma-jalma anu dibenduan (ku Gusti), sareng sanés jalanna jalma-jalma anu sasar. 3
3) Jalma-jalma anu dibenduan (ku Gusti) nyaéta anu ngahaja nolak ajaran Islam. Jalma-jalma anu sasar nyaéta anu ngahaja nyokot jalan séjén salain ajaran Islam.